Peringatan
Isra Mi’raj di SMA .....
Mc :
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa
Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa
Ustad Anwar anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu
guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu
kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim
kuring dipikareueus
Langkung
ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci,
Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di
ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.
Solawat
sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten
kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan
salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun,
di antawisna :
1.
Bubuka
2. Maos
ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3.
Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4.
Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6.
Doa/Panutup
Hadirin
sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadẻrẻk
Rahmat mangga dihaturanan.
MC : Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Rahmat anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Qur'an sareng mingpin sholawat nabi.
Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadẻrẻk Alim mangga dihaturanan ka payun.
MC :
Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Alim anu parantos ngadugikeun laporanana.
Nincak
kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa
...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC :
Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun
pamapagna.
Nincak
kana acara kalima, nya ẻta taushiyah ti Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad
Anwar, waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC :
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak
kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku
Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, dihaturanan kanggo mingpin doa.
Hatur nuhun
ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di
kobul ku AllaH SWT. Aamiin.
Sumangga ieu
acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. Ti
simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka
rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun
ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi
taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusIzin copas untuk tugas
BalasHapusTerima kasih sangat membantu tugas saya di hari Sabtu yang sangat 'ceria' alias banyak tugas ini.
BalasHapussimambahitam.blogspot.com
HY , LGI APAA
HapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
HapusHatur nuhun.. meuni sae pisan...
BalasHapusHatur nuhun sae kanggo tugas sakola. ngiring duplikat
BalasHapusAduh sae pisan ieu teh
BalasHapusHatur nuhun sae pisan kanggo MC di acara isra mi'raj tgl 12 Mei besok. Mugia di pasihankklncaran amin ya Allah ya robbal alamin
BalasHapushatur nuhun katampi. ijin copas mugia berkah
BalasHapusizin copas buat tugas
BalasHapusizin copas buat tugas
BalasHapusIzin catat kango acara ngke sore min
BalasHapusizin copas, kaanggo pisan ieu artikel hehe
BalasHapushatur nuhun
izin copas nggeh
BalasHapusIzin copas
BalasHapusaku mc dangdut plus pop sunda tpi teu tiasa ngemsi ku bhsa indo..hyong anu paten acara bubuka kanggo dangdut d panggung hajatan..manawi tiasa ngabantos bde nyuhun kn elmu na...htur nuhun..
BalasHapusizin copas kak untuk tugas
BalasHapusCip
BalasHapusizin copas admin
BalasHapus2021 nih bos!, reply komenan gw
BalasHapus