- Bukalah Microsoft Power Point 2010
- Tulislah kalimat-kalimat yang ingin ditulis...
- Untuk memasukkan lagu klik Insert lalu carilah gambar sounds
- Klik tanda panah, lalu pilih Audio from file
- Setelah itu cari lagu yang ingin anda masukkan, setelah itu klik Insert
- Setelah itu tempatkan gambar sounds sesuai dengan keinginan anda
- Lalu klik gambar sounds, pilih Playback
- Jika anda ingin lagunya mulai langsung saat anda memulai presentasi, klik tanda panah pada gambar petir lalu pilih Automatically.
Sabtu, November 30, 2013
Cara memasukkan lagu pada power point 2010
Langsung saja :
Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda
Peringatan
Isra Mi’raj di SMA .....
Mc :
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa
Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa
Ustad Anwar anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu
guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu
kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim
kuring dipikareueus
Langkung
ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci,
Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di
ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.
Solawat
sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten
kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan
salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun,
di antawisna :
1.
Bubuka
2. Maos
ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3.
Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4.
Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6.
Doa/Panutup
Hadirin
sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadẻrẻk
Rahmat mangga dihaturanan.
MC : Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Rahmat anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Qur'an sareng mingpin sholawat nabi.
Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadẻrẻk Alim mangga dihaturanan ka payun.
MC :
Hatur nuhun ka Sadẻrẻk Alim anu parantos ngadugikeun laporanana.
Nincak
kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa
...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC :
Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun
pamapagna.
Nincak
kana acara kalima, nya ẻta taushiyah ti Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad
Anwar, waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC :
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak
kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku
Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, dihaturanan kanggo mingpin doa.
Hatur nuhun
ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di
kobul ku AllaH SWT. Aamiin.
Sumangga ieu
acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin. Ti
simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka
rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun
ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi
taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Langganan:
Postingan (Atom)